Carpon Sunda Kerennn



TANGKAL DUREN



Hiji tangkal anu jangkung gede anu aya di sisieun makam, loba nu nyaritakeun boh tangkal éta téh loba jurigan gosipna ogé geus nyebar kamana-mana malahan éta tangkal téh ku masyarakat rék di tuar ku sabab geus ngaresahkeun masyarakat.
“ema ari tangkal durén nu deket makam the bener aya jurigan? “ ceuk udin ka indungna anu keur mirun seune di hawu.
“ ah din ema mah teu nyaho ari kunu kitu mah ngan cenah mah éta tangkal téh geus loba kajadian aheng” tembal ema basa si udin ngahaja nanyakeun ngenaan éta tangkal durén téh
“kajadian aheng siga kumaha ma?” si udin nanya deui ka indungna kusabab panasaran kana omongan indungna tadi
 “ kieu cenah din kajadianna téh, kinten-kinten tabuh dua belas wengi si mang cecep the geus balik ti pagaweannana pas palebah makam motorna ujug-ujug parem terus manéhna rewas puguh nyaho da éta téh tengah peuting bari pararoek deket makam , teu loba carita manéhna langsung nga hurungkeun deui éta motor anu geus parem terus pas arék maju deui manéhna ngadéngé siga aya anu anu cerik di deket makam téh puguh wé ngadengé kitu bulu punukna téh muriding tapi manehna ge panasaran saha anu cerik the, kusabab panasaran mang cecep the nempo ka hiji tangkal anu aya disisieun eta makam pas nempo ka eta tangkal mang cecep langsung ngajingjrit  jeung langsung ngjalankeun deui eta motorna dina kaayaan tarik “ ceuk ema
“ emang si mang cecep nempo naon ma?” nanya deui si udin ka indungna ku sabab masih panasaran.
“ mang cecep the nempo aya hiji awewe buukna panyang bari ngais orok dina eta tangkal the tapi ari rupana mah mang cecep ge teu nempoeun kusabab katutupan ku buuk anu panyang tea” tembal ema ngajawab pananya si udin anu panasaran kana carita eta tangkal duren the
“ Oooh kitu nya ma,paingan atuh jalma-jalma the jadi sarieuneun mun ngaliwat kadinya, komo lamun geus lewat peuting tara aya anu wanieun lempang lewat dinya” ceuk udin bari ngahuapkeun huwi anu geus dibeuleum asak menang indungana
Tah eta tangkal duren the nepikeun ayena jadi keeung ku sabab loba carita anu aheng tea,tapi aya hiji kajadian anu leuwih aheng hiji waktu eta tangkal the buahan tapi pas ka isukna keun buahna ujug-ujug leungit teu nyesa hiji-hiji acan ngan saukur aya cangkangna wungkul anu ngabarak di handapeun eta tangkal kusabab aya kajaadian kitu kampung the jadi geger jadi pada leuwih panasaran kana eta tangkal the.
“ kieu atuh ayena mah engke lamun waktu peuting geus datang urang riksakeun ku sabararaha warga bener teu eta tangkal the aya jurigan ? ameh tentrem ieu kampung the teu loba dieu gosip anu teu puguh buktina “ tembal pak Rt anu ngusulkeun hiji cara
“satuju pak, abah ge kurang percaya kana carita anu geus nyebar eta the “ cek bah tatang nyaeta bapakna si udin manehna ngadadak sumanget
“ enya atuh ari geus saratuju mah engke peuting kumpul di kantor rt urang babarengan ka makamna ngariksakeun eta tangkal duren the” tembal pak rt ngalanjutkeun omongan nu tadi
Waktu peuting geus datang geus loba anu kumpul di kantor rt aya mang cecep mang cucup mang saswi jeung nu laina kecuali bapak na si udin manehna can datang.
“ ema abah indit heula rek ngumpul heula di kantor rt “ pokna si abah the
“ rek naon ngumpul di kantor rt bah” tembal si ema
“ kieu ma pak rt ngajakan ka sabararaha warga urang ngariksakeun kabeneran anu aya dina eta tangkal duren the ambeh warga kampung the tentrem moal aya gosip nu aheng deui” ceuk abah bari makekeun samping kana awakna
“ oh kituuu nya gae bah hati-hati we” ceuk ema
“ etttttt tungguan bah udin rek ngilu udin hayang ngilu ngariksakeun kabeneran tina eta tangkal the, gae pan bah?” pokna si udin anu ujug-ujug kaluar ti kamarna kusabab ngadenge obrolan indung bapakna.
“ mmmmm nya gae atuh din ari wani mah hayu ah bisi kaburu peuting manten” ceuk abahna bari indit kaluar imah
Nepika ka kantor rt geus loba pisan warga nu datang malahan geus sarariap arek indit babarengan ngariksakeun tangkal duren nu keeung tea, tuluy weh warga the ararindit babarengan pas nepika eta makam the suasana jadi keeung bulu punuk sing sariak teu puguh.
“ husss tong garandeng yeh urang ngariksakeun ieu tangkal the tong nepikeun ngaganggu batur , sok ilikan ku sararea aya naon dina eta tangkal the ?” ceuk pa rt bari ngareretan eta tangkal duren
“ eta naon ?” ceuk si udin bari ngajerit ku sabab rewash
Kabeh warga anu aya didinya langsung ngareret kana eta tangkal duren , bener we dina eta tangkal duren the aya awewe buukna panyang anu keur ngais orok kusabab nempo kajadian kitu kabeh warga the riweh teu puguh .
“ huuusss tong rariweh keun urang ilikan heula bener eta the jurig atau emang eta the jelema” tembal si abah tangtang bari ngadeketan eta tangkal
Pas diilikan lewih deket ku si abah eta nu cicing dina tangkal the asa aneh, ka anehan eta the ngajadikeun si abah lewih panasaran pas ldidedeketan eta tangkal the ku si abah eta awewe the ujug-ujug ngajeret nu matak si abah ngajongklok ka tukang ku sabab rewas ngadenge jeritan eta awewe.
“ allahuakbar eta the naon ngajerit meuni tarik kitu “ tembal pak rt sarua ka tempo rewashna
“enyanya emang aya kitu jurig anu bisa ngajerit kitu “ ceuk mang cucup matak leuwih panasaran
“ ke keheula urang ilikan ku senter coba, eta the nu sabenerna naon?” ceuk pak rt
Pas ku pak rt di senteran eta nu cicing dina tangkal the kalah ngalungkeun boneka anu ku manehna tatadi di ais, puguh we kajadian eta matak nga aneh keun warga maenya we aya jurig nu ngalungkeun boneka asa teu abus kana akal sehat tuluy weh ku warga the eta tangkal the di gebreg-gebreg pas eta tangkal di gebreg-gebreg jol the awewe anu di sangka jurig the ngajol tina eta tangkal ku sabab ngarasa ka ganggu ku kadatangan eta warga.
“ tah ning ieu mah jelema lain jurig ” ceuk mang saswi bari kaciri ambekna ka eta awewe malahan manehna arek ngagebug eta awewe ku hiji awi anu keur di cekelna
“ehhh keu heula tong maen hakim sorangan , urang Tanya heula sha eta awewe the? Kunaon manehna cicing di ieu tangkal duren the ?” ceuk pak rt nganiiskeun suasana anu geus panas ti tatadi   
“ bener tah ceuk pak rt tong langsung maen hakim “ tembal si udin mamatahan mang saswi
“ nya hayu atuh urang bawa eta awewe the ka kantor rt “ ceuk mang cucup
Geus kitu mah eta awewe the di bawa ka kantor rt manehna di tanyaan ku kabeh warga ku sabab naon maehna cicing dina eta tangkal duren the, geus ditanyaan kitu mah kanyahoan kunaon eta awewe the cicing dina tangkal anu deket makam. padahal mah eta awewe the satengah teu waras kusabab geus ditinggalkeun ku budakna anu geus maot di eta makam matakna manehna ge cicing deket makam caritana mah rek ngabaturan eta budak anu geus maot.
“ tah jadi ayena mah geus kanyahoan bahwa anu dina tangkal duren the lain jurig tapi awewe anu kurang waras” ceuk pak rt bari kaciri lega da kampungna geus teu aya gosip nu aheng deui
 Ari geus kaungkap kitu mah eta kampung teh jadi tentrem deui teu loba gosip anu matak teu puguh buktina jeung eta tangkal duren the henteu jadi keeung deui.


0 komentar: